14 Maret 2014

Bapa : "jang.. pangmeulikeun inuman anu tiis nya di warung" Udin : "koka kola atawa seprit,pa?" BaPa : "koka kola wae. bageur." Udin : "anu kaleng atawa botol?" BaPa : "Botolwe jang kasep.." Udin : "nu botol gede atawa nu botol leutik,pa?" BaPa : "euh budak tolol !! Geus ah,meuli cai biasa we atuh!!" Udin : "Akua atawa Ron pa ?" BaPa : "AKUAAAAAAA!!!" Udin : "nu biasa atawa anu tiis, pa?" (Beungeutna lempeng, teu kerot-kerot) BaPa :" astaghfirulooh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!" Udin : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??" BaPa : "lailahailaloh...dasar sia mah siga sato wae!!" Udin : "siga Embe atawa Munding, Pa?" BaPa : "Embe, Gobloggg!!!" Udin : "Embe Ceme atawa Badot pa??" BaPa : "Setan siah!!!!" Udin : "Tuyul atawa Gendruwo pa?" BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit we lah!!" Udin: "Poe ieu atawa isuk pa?" BaPa: "Ayeuna , siah !!" Udin: "Bapa milu atawa moal?!!" BaPa : "masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura!!!!" Udin : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??" BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!" Udin : "kana sirah atawa beuteung pa?? Bapa : ". langsung setruk bapana teu eling eling. =))=D
Categories:

1 komentar: